Ajal Pamungkesan
Ieu Jampe nyasarkeun atawa muterkeun anu niat jahat
Cipta nantri,cipta rasa,pang nyiptakeun rasa sajagat
kabeh
tug putih sabulan sia herang,dua bulan ngalenggang,tilu
bulan gumulung,
opat bulan sia usik,lima bulan sia malik,genep bulan suku
mucung ka langit,
tujuh bulan tumpang pitu,dalapan bulan sia papa,salapan
bulan sang godebag ngea-ngea,
sapuluh bulan bayu tutut bayu runtut muhung pahung cehcer
pamantekan deuleu sia cai jeung langit.
Syaratna ;
Dimana-mana arek dipake atawa digunakeun
nyareatan anu boga hate goreng ka urang,
bacakeun dina jebug anu menang meusek
dikubur dipakarangan imahna.
Parepehan
Ieu Jampe dipake atawa digunakeun dimana-mana arek
ngawangun tempat atawa Imah
Allahuma puter giling kinayungan sultan Solo
Allahuma puter giling kinayungan sultan Mataram
Allahuma puter giling kinayungan sultan Demak
Allahuma puter giling kinayungan sultan Siam
Allahuma puter giling kinayungan sultan Cirebon
Allahuma puter giling kinayungan sultan Mekah
Allahuma puter giling kinayungan sultan Madinah
Allahuma puter giling kinayungan sultan para Nabi
sakabeh.
Syaratna ;
Getih Hayam,Seureuh,Apu,Gambir,Jebug,Tangtang angin,ieu
syarat dikubur ditempat atawa wangunan.
Ieu Jampe ngabalikeun sihir atawa teluh supaya malikan kanu ngagunakeuna.
Sang keleper putih calikna panon kenca,sang keleyer putih
calik na panon katuhu,
Hiberna ka Wetan jadi Ratu Teluh Heulang Kamang
Hiberna ka Kidul jadi Ratu Teluh Heulang Kabung
Hiberna ka Kulon jadi Ratu Teluh Heulang Kolanting
Hiberna ka Kaler jadi Ratu Teluh Heulang Kelejer
Sang kedepuk si idek liher,ngaran teluh ti Gunung
Galunggung pulang ka Gunung Galunggung,
Pakaya aing katumbuk juru tah juru mata aing
Pakaya aing nga gado paok tah gado aing
Pakaya aing ngambay peujit tah sabuk aing
Pakaya aing ka hapit tah larangan aing
Pakaya aing gumeneng tah hulu aing.
Pileumpeuhan
Bayu pupuh bayu lumpuh,bayu eles bayu paeh,bayu sia eleh
ku aing bruk limpuruk-limpuruk.
Ieu jampe mun nyanghareupan musuh.
Pabungkeman
Tali kamkam tali kemkem kancing biwir simpay letah ret
bungkem.
Ieu jampe meruhkeun jalma nafsu ka urang supaya teu jadi ambekna malik nyaah atawa karunya ka
urang.
Pangabaran.
Ahung siulang-alung,Maung pundung datang amung,Badak
galak datang nyembah,Oray laki datang seuri siYaksa datang disila,sumuruluk
lain gugur,sumaralak lain gelap,jariji dipurasani,na wak ngajangjang pedang
kicir-kicir indung suku aing.
Ieu Jampe dimana-mana nyanghareupan Geugeuden/Juragan.
Tumbal pakuan.
Sang Ratu Galudrah calik na jangkaring kai,Sang Ratu
Galudrah calik na tengahing kai,
Sang Ratu cifta herang nu calik na pucuk kai,alekadana
kayu braja aking,gerus herang ti pakuan istana simokahana.
Ieu Jampe dimana-mana asup ka daerah angker atawa
ngubaran anu keuna ku teluh alas atawa kasurupan.
Atawa bisa oge Jampe keur ngala Odeng atawa nuar kai nu
aya Odengna.
Carana ;
Dibaca bari ngajejek kai nu arek dituar atawa diala
odengna.
Asihan.
Lauptreja wiyak mega,sagara raray ku bulan,duduk ngaduk
toya,na ingsun tanding cahya sarangenge medal uluk-uluk nabi Daud,rupa aku
bagena yusup mangka welas mangka asih ka awaking.
Ieu Jampe dibaca ataw dibacakeun kana roko atawa dahareun
terus ditiupkeun bari nyanghareupan atawa nyebutkeun jalma nu dimaksud.
Papayan Cijulang.
Iku utawi putrana nabi Adam pi pitu,
Kang sajodo dipernahkeun disajungjungjunan Langit namana
Amalah atawa Analah,
Kang sajodo dipernahkeun dibuana Panca Tengah namana
Jam’alah,
Kang sajodo dipernahkeun di dasar Bumi namana Malahu,
Ti Bungsu teu kagungan tempat,Tatapa di Gunung
Anilulah,ku Rama di coba dipanah Gelap,
Galarang-gorolong dina dampal leungeun,dialungkeun ka
Banten,diditu hakaneun sia di Banten.
Sakersana Rama mayun ngaler nerus Bumi na muncul di Gunung
Galunggung didinya nyampak Aki-Aki,
-Naha saha nami Aki ? tetep didieu dinamaan Kyai Batara
Susuk Tunggal.
Sakersana Rama mayun ngulon nerus Bumi muncul di Gunung
Cikuray,nyampak Aki-Aki hiji,
-Saha nama Aki ? teu langkung Rama,Aki di namaan Ki
Batara Ungku Larang.
Sakersana Rama nerus Bumi ka kidul na muncul di
Karang,nyampak Aki-Aki,
-Saha nama Aki ? teu langkung Rama,Aki tetep dinamaan
Kyai Mudik Batara Karang,rek weduk,rek bedas,
-rek beunghar tong disebut nama kami.
Sakersana Rama mayun ngetan ka Gunung Lingga Kancana dina
muka jamang bebencah manah,muka picis
-tujuh direka Bapa mayun ngetan,mayun ngulon,mayun
ngidul,mayun ngaler.
Uteuk tongo walangtaga rongrong gogodongan siluman
sileman anu kumelik di alam dunya nya aing nu
-boga,nya aing Ratu Galuh,angkatna ka Gunung Padang mung
teu cios,ciosna ka Cijulang Prabu Waseh ka
-Ciwaru Kyai Logani Putri sok ka Cijulang.
Ieu mangrupi warisan Pun Uwa nu wastana Abah Deri nu
pupusna dina yuswa kirang langkung ka saratus tujuh taun.
Ieu Bapa Deri mangrupi raka Pun Bapa pituin nu wastana
Bapa Engkos ti turunan pang sepuhna Aki
Kiud sareng Nene Emoh nu sadaya putra putrina aya sapuluh jalmi,ditambih deui
ti istri Aki anu kadua atanapi Nene kawalon nu wastana Nene Juwi putra putrina
aya tilu janten sadayana aya tilu belas jalmi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar