Dina tungtung
hujan peuting tadi
aya gurat rasa
nu tibelat,kana rindat langit
nu dipapaes
kilat sakolepat.
Sakujur awak
diharudung bangbaluh kabingung
najan teu
ngangluh.
Ngitung tatu
mapaes kongkolak mata
nu bintit
dibakutet sedih.
Kertas kahayang nu
ngampar dina etalase hate
ukur jugjugan nu
teuing dimana!
Lengkah suku nu
pinuh marudah ku tugenah,
Tapi najan kitu
masih keneh aya harepan nu nyesa
dina sesa-sesa
renghap nafas nu eungap karasana,
Mangsa
tangkeupan leupas dina tungtung subuh,
ukur bisa ngusap
raray nu sepa pias meh koredas
taya getihan,katiup
angin kasedih jeung kapeurih.
Rumasa tibelat..............
Neuteup deukeut najan anggang,mangsa aya nu
ngolebat ibarat kilat kabuka ku kingkilaban
dina wanci ka sorenakeun.
Rumasa tibelat.............
Kiwari tinggal lamunan.da mangsa anu geus
nukangan
Tapi hate pating seredet mangsa urang paduduaan
Kamana atuh anjeun?
Dimana hirup anjeun?
Taya sora taya carita,nu aya ukur neneda kanu maha
kawasa
Tepungkeun sok sanajan sakolebatan,
Rek nyarita ti jero rasa
Rek nitip ati saumur dunya.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar