Sabtu, 01 April 2017

Jangjawokan warisan Karuhun

Ajal Pamungkesan
Ieu Jampe nyasarkeun atawa muterkeun anu niat jahat

Cipta nantri,cipta rasa,pang nyiptakeun rasa sajagat kabeh
tug putih sabulan sia herang,dua bulan ngalenggang,tilu bulan gumulung,
opat bulan sia usik,lima bulan sia malik,genep bulan suku mucung ka langit,
tujuh bulan tumpang pitu,dalapan bulan sia papa,salapan bulan sang godebag ngea-ngea,
sapuluh bulan bayu tutut bayu runtut muhung pahung cehcer pamantekan deuleu sia cai jeung langit.

Syaratna ;
Dimana-mana arek dipake atawa digunakeun nyareatan anu boga hate goreng ka urang,
bacakeun dina jebug anu menang meusek dikubur dipakarangan imahna.

Parepehan
Ieu Jampe dipake atawa digunakeun dimana-mana arek ngawangun tempat atawa Imah

Allahuma puter giling kinayungan sultan Solo
Allahuma puter giling kinayungan sultan Mataram
Allahuma puter giling kinayungan sultan Demak
Allahuma puter giling kinayungan sultan Siam
Allahuma puter giling kinayungan sultan Cirebon
Allahuma puter giling kinayungan sultan Mekah
Allahuma puter giling kinayungan sultan Madinah
Allahuma puter giling kinayungan sultan para Nabi sakabeh.

Syaratna ;
Getih Hayam,Seureuh,Apu,Gambir,Jebug,Tangtang angin,ieu syarat dikubur ditempat atawa wangunan.

Ieu Jampe ngabalikeun sihir atawa teluh supaya malikan kanu ngagunakeuna.

Sang keleper putih calikna panon kenca,sang keleyer putih calik na panon katuhu,
Hiberna ka Wetan jadi Ratu Teluh Heulang Kamang
Hiberna ka Kidul jadi Ratu Teluh Heulang Kabung
Hiberna ka Kulon jadi Ratu Teluh Heulang Kolanting
Hiberna ka Kaler jadi Ratu Teluh Heulang Kelejer
Sang kedepuk si idek liher,ngaran teluh ti Gunung Galunggung pulang ka Gunung Galunggung,
Pakaya aing katumbuk juru tah juru mata aing
Pakaya aing nga gado paok tah gado aing
Pakaya aing ngambay peujit tah sabuk aing
Pakaya aing ka hapit tah larangan aing
Pakaya aing gumeneng tah hulu aing.

Pileumpeuhan

Bayu pupuh bayu lumpuh,bayu eles bayu paeh,bayu sia eleh ku aing bruk limpuruk-limpuruk.

Ieu jampe mun nyanghareupan musuh.

Pabungkeman

Tali kamkam tali kemkem kancing biwir simpay letah ret bungkem.

Ieu jampe meruhkeun jalma nafsu ka urang supaya  teu jadi ambekna malik nyaah atawa karunya ka urang.

Pangabaran.

Ahung siulang-alung,Maung pundung datang amung,Badak galak datang nyembah,Oray laki datang seuri siYaksa datang disila,sumuruluk lain gugur,sumaralak lain gelap,jariji dipurasani,na wak ngajangjang pedang kicir-kicir indung suku aing.

Ieu Jampe dimana-mana nyanghareupan Geugeuden/Juragan.

Tumbal pakuan.

Sang Ratu Galudrah calik na jangkaring kai,Sang Ratu Galudrah calik na tengahing kai,
Sang Ratu cifta herang nu calik na pucuk kai,alekadana kayu braja aking,gerus herang ti pakuan istana simokahana.

Ieu Jampe dimana-mana asup ka daerah angker atawa ngubaran anu keuna ku teluh alas atawa kasurupan.
Atawa bisa oge Jampe keur ngala Odeng atawa nuar kai nu aya Odengna.

Carana ;
Dibaca bari ngajejek kai nu arek dituar atawa diala odengna.

Asihan.

Lauptreja wiyak mega,sagara raray ku bulan,duduk ngaduk toya,na ingsun tanding cahya sarangenge medal uluk-uluk nabi Daud,rupa aku bagena yusup mangka welas mangka asih ka awaking.

Ieu Jampe dibaca ataw dibacakeun kana roko atawa dahareun terus ditiupkeun bari nyanghareupan atawa nyebutkeun jalma nu dimaksud.

Papayan Cijulang.

Iku utawi putrana nabi Adam pi pitu,
Kang sajodo dipernahkeun disajungjungjunan Langit namana Amalah atawa Analah,
Kang sajodo dipernahkeun dibuana Panca Tengah namana Jam’alah,
Kang sajodo dipernahkeun di dasar Bumi namana Malahu,
Ti Bungsu teu kagungan tempat,Tatapa di Gunung Anilulah,ku Rama di coba dipanah Gelap,
Galarang-gorolong dina dampal leungeun,dialungkeun ka Banten,diditu hakaneun sia di Banten.
Sakersana Rama mayun ngaler nerus Bumi na muncul di Gunung Galunggung didinya nyampak Aki-Aki,
-Naha saha nami Aki ? tetep didieu dinamaan Kyai Batara Susuk Tunggal.
Sakersana Rama mayun ngulon nerus Bumi muncul di Gunung Cikuray,nyampak Aki-Aki hiji,
-Saha nama Aki ? teu langkung Rama,Aki di namaan Ki Batara Ungku Larang.
Sakersana Rama nerus Bumi ka kidul na muncul di Karang,nyampak Aki-Aki,
-Saha nama Aki ? teu langkung Rama,Aki tetep dinamaan Kyai Mudik Batara Karang,rek weduk,rek bedas,
-rek beunghar tong disebut nama kami.
Sakersana Rama mayun ngetan ka Gunung Lingga Kancana dina muka jamang bebencah manah,muka picis
-tujuh direka Bapa mayun ngetan,mayun ngulon,mayun ngidul,mayun ngaler.
Uteuk tongo walangtaga rongrong gogodongan siluman sileman anu kumelik di alam dunya nya aing nu
-boga,nya aing Ratu Galuh,angkatna ka Gunung Padang mung teu cios,ciosna ka Cijulang Prabu Waseh ka
-Ciwaru Kyai Logani Putri sok ka Cijulang.


Ieu mangrupi warisan Pun Uwa nu wastana Abah Deri nu pupusna dina yuswa kirang langkung ka saratus tujuh taun.
Ieu Bapa Deri mangrupi raka Pun Bapa pituin nu wastana Bapa Engkos  ti turunan pang sepuhna Aki Kiud sareng Nene Emoh nu sadaya putra putrina aya sapuluh jalmi,ditambih deui ti istri Aki anu kadua atanapi Nene kawalon nu wastana Nene Juwi putra putrina aya tilu janten sadayana aya tilu belas jalmi.

Kamis, 30 Maret 2017

Kotret Hate


Dina tungtung hujan peuting tadi
aya gurat rasa nu tibelat,kana rindat langit
nu dipapaes kilat sakolepat.
Sakujur awak diharudung bangbaluh kabingung
najan teu ngangluh.
Ngitung tatu mapaes kongkolak mata
nu bintit dibakutet sedih.
Kertas kahayang nu ngampar dina etalase hate
ukur jugjugan nu teuing dimana!
Lengkah suku nu pinuh marudah ku tugenah,
Tapi najan kitu masih keneh aya harepan nu nyesa
dina sesa-sesa renghap nafas nu eungap karasana,
 
Rumasa tibelat  ...............
Mangsa tangkeupan leupas dina tungtung subuh,
ukur bisa ngusap raray nu sepa pias meh koredas
taya getihan,katiup angin kasedih jeung kapeurih.
Rumasa tibelat..............
Neuteup deukeut najan anggang,mangsa aya nu
ngolebat ibarat kilat kabuka ku kingkilaban
dina wanci ka sorenakeun.
Rumasa tibelat.............
Kiwari tinggal lamunan.da mangsa anu geus nukangan
Tapi hate pating seredet mangsa urang paduduaan
Kamana atuh anjeun?
Dimana hirup anjeun?
Taya sora taya carita,nu aya ukur neneda kanu maha kawasa
Tepungkeun sok sanajan sakolebatan,
Rek nyarita ti jero rasa
Rek nitip ati saumur dunya.