Kamis, 30 Maret 2017

Kotret Hate


Dina tungtung hujan peuting tadi
aya gurat rasa nu tibelat,kana rindat langit
nu dipapaes kilat sakolepat.
Sakujur awak diharudung bangbaluh kabingung
najan teu ngangluh.
Ngitung tatu mapaes kongkolak mata
nu bintit dibakutet sedih.
Kertas kahayang nu ngampar dina etalase hate
ukur jugjugan nu teuing dimana!
Lengkah suku nu pinuh marudah ku tugenah,
Tapi najan kitu masih keneh aya harepan nu nyesa
dina sesa-sesa renghap nafas nu eungap karasana,
 
Rumasa tibelat  ...............
Mangsa tangkeupan leupas dina tungtung subuh,
ukur bisa ngusap raray nu sepa pias meh koredas
taya getihan,katiup angin kasedih jeung kapeurih.
Rumasa tibelat..............
Neuteup deukeut najan anggang,mangsa aya nu
ngolebat ibarat kilat kabuka ku kingkilaban
dina wanci ka sorenakeun.
Rumasa tibelat.............
Kiwari tinggal lamunan.da mangsa anu geus nukangan
Tapi hate pating seredet mangsa urang paduduaan
Kamana atuh anjeun?
Dimana hirup anjeun?
Taya sora taya carita,nu aya ukur neneda kanu maha kawasa
Tepungkeun sok sanajan sakolebatan,
Rek nyarita ti jero rasa
Rek nitip ati saumur dunya.